Sabtu, 07 Mei 2011

سورة الفجر

و الفجر
1. Demi fajar,
Numutkeun tafsir Jalalain, di dieu Allah sumpah ku fajar anu terbit dina tiap dinten. Ari nu disebat fajar nyaeta sumebarna cahaya panonpoe di langit beh wetan, sateuacan terbitna panonpoe, nyaeta nalika panonpoe masih 18 derajat di bawah ufuk, malah di urang mah 20 derajat di bawah ufuk ge tos fajar.
Dina ieu waktos urang sadaya diwajibkeun midamel salahsawios shalat fardu, nyaeta shalat Subuh. Numutkeun para ulama, shalat anu paling utama nyaeta shalat Subuh anu dilaksanakeun bari berjamaah di masjid.
Kalihna ti eta, fajar ngarupikeun akhir wengi, awal siang. Nya dina waktos siang urang sok kasab ikhtiar milari rizki. Dina milari rizki ieu, urang kedah gaduh paniatan lain ngan wungkul kanggo bekel di dunya, tapi kasab urang oge sing jadi bekel kanggo ka akherat, nyaeta kucara kasabna kedah sesuai sareng aturan Allah, teras niatna karana Allah, atuh hasil kasabna ditasharrufkeun kanggo ibadah ka Allah.
و ليال عشر
2. Jeung demi pirang-pirang peuting nu sapuluh,
Numutkeun tafsir Jalalain, peuting nu sapuluh di dieu nyaeta tanggal sapuluh Dzulhijah, margi ieu weungi ngarupikeun wengi anu agung. Sedengkeun, numutkeun sapalih ulama, Allah, upami sumpah, sok nganggo perkara anu agung, anu peryogi diperhatoskeun.
Aya oge nu nafsiran peuting nu sapuluh di dieu nyaeta sapuluh wengi nu akhir tina sasih Ramadhan, margi aya lailatul qadar. Diriwayatkeun, Rasulullah SAW. dina eta waktos, sok ngalaksanakeun i'tikaf, ngahirup-hirup eta wengi ku ibadah ka Allah.
Mugi-mugi, urang sadaya sing dipanjangkeun yuswa, sing dugi ka sasih Ramadhan deui, sarta mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeun ibadah nyaketkeun diri ka Allah, Amiin.
Sajabi ti eta, aya deui sapalih ulama anu nafsiran ieu wengi nu sapuluh teh nyaeta sapuluh wengi pertengahan tiap-tiap sasih, sapertos dina tafsir Al-Misbah (Dr. M. Quraish Shihab M.A.). Margi dina ieu wengi, bulan tos katingali caang, sahingga aya kesesuain antara sumpah Allah dina ayat 1,nyaeta 'Demi Fajar', sareng sumpah nu ieu. Kesesuaiannana nyaeta sami-sami ngagambarkeun kasingrayna poekna peuting.
و الشفع و الوتر
3. Demi nu jejeg jeung nu ganjil,
Numutkeun sapalih ulama, nu jejeg di dieu, anu pasang-pasangan, nyaeta makhluk. Allah ngadawuh: و من كل شيء خلقنا زوجين
'Jeung tina saban-saban perkara Kami geus nyiptakeun pasang-pasangan'.
Sapertos, aya kafir aya iman, aya pituduh aya kasasaran, aya bagja aya cilaka, aya peuting aya beurang, aya bumi aya langit, aya darat aya laut jeung sajabina.
Sedengkeun nu ganjil, anu tunggal, nyaeta Allah SWT.
Aya oge nu nafsiran, nu jejeg, tegesna nu pasang-pasangan teh sifat makhluk, sabab makhluk mah, sok hirup sok maot, aya kalana jagjag aya kalana apes, aya kalana uninga aya kalana bodo jeung saterasna. Sedengkeun nu ganjil, tegesna nu tunggal, eta sifat-sifat Allah. Allah mah nu hirup moal maot, kawasa moal apes, uninga moal bodo jeung saterasna.
Ieu ayat oge tiasa ditafsiran, tanggal jejeg sareng tanggal ganjil. Margi, tina gunta-gantina siang sareng wengi nu ditandai ku fajar, oge peredaran bulan, anu dina tiap sapuluh dinten pertengahan sasih sok katingali caang, manusa tiasa ngadamel perhitungan penanggalan.


Majlis Ta'lim
Senen, 28 Jumadil Ula 1432

Jumat, 25 Maret 2011

Khutbah Jum'ah (20 Rabi'ul Akhir 1432)

الحمدلله الواحد الفرد الصمد. أشهد أن ﻻإله إﻻالله وحده ﻻشريك له شهادة تكون سبب النعيم المؤبد. وأشهد أن سيدنا محمدا عبده ورسوله الحامد المحمود الأحمد.اللهم فصل وسلم على سيدنا محمد وعلى آله وأصحابه الذين جاهدوا في سبيل الله حق الجهاد. أما بعد. أيها الناس اتقوا الله حق تقاته لعلكم تنجون في يوم الميعاد.أعوذ بالله من الشيطان الرجيم.قال رب بما أغويتني لأزينن لهم فى الأرض ولأغوينهم أجمعين.
Hadirin Ahli Jum'ah!
Manusa diciptakeun ku Allah aya di antara dua makhluk, nyaeta Syetan jeung Malaikat, kadang-kadang rengkuh taat saperti Malaikat, kadang-kadang bangkenang adigung saperti syetan. Sabab dina diri manusa dipasihan nafsu jeung akal, nafsu pikeun supaya aya kahayang, akal pikeun ngungkulan kahayang eta, supaya henteu katalanjuran. Cilakana manusa lamun akalna geus teu bisa dipake ngadalian nafsuna, maka sifat-sifat jeung akhlak Syetan nu bakal ngancik kana dirina. Hartosna kajahatan jeung kagorengan nu bakal ngancik dina dirina, saperti ujub, ria, takabur, hasud jeung sabangsana. Upami urang nguping dina jaman ayeuna, karusuhan di mana-mana anu nimbulkeun karuksakan, ieu teh disababkeun tina hiri dengki, sirik pidik, jail kaniaya, anu dina bahasa agama disebut dengki.
Hadirin Ahli Jum'ah!
Aya dua perkara, dina gurat ageungna anu sok nimbulkeun hasud, nyaeta:
1. Harta. Jalma tukang hasud teu kaop nempo batur beunghar, maju usahana, atawa meuli barang anyar, nyel dina hatena aya rasa teu ngeunah, ngewa kana milik batur, bari tuluy diomong-omongkeun ka batur, sarta omongannana direka-reka, dipapantes, sangkan batur percaya, oge sangkan sarua jeung manehna, mikangewa. Malah kasak-kusuk ngagunakeun sagala cara sangkan ni'mat jeung kanugrahaan eta keungit musnah tinu bogana. Dawuhan Allah dina surat An-Nisaa:54:
أم يحسدون الناس على ما آتهم الله من فضله
Hartosna:"Maranehanana harasud ka jalma lantaran karunia anu Allah parantos mere ka manehna".
2. Tahta. Anu snk dipake rebutan di dunya, ilaharna, salianti harta, nyaeta pangkat jeung jabatan. Teu saeutik jalma anu ngarasa tugenah hate ku pedah teu kabagean, sok komo lanun meunang pangkatna teh ladang mere leuleueur, tangtu bakal loba jalma anu ngarasa diteungteuinganan. Padahal upami ku urang dipikir ku akal anu iman, yen sagala rupa perkara anu terjadi di dunya, boh harta banda, pangkat, rizki, eta sadaya tos dibagi-bagi ku Allah. Urang mah darma ngaringkang wungkul, ceuk tetempoan lahir siga meunang urang. Sakumaha dawuhna dina surat Az-Zukhruf:32:
أهم يقسمون رحمت ربك نحن قسمنا بينهم معيشتهم فى الحيوة الدنيا
Hartosna:"Naha maranehanana anu ngabagi-bagi rnhmat Pangeran anjeun? Kami geus nangtukeun bagian diantara maranehanana kahirupan dina kahirupan dunya".
Hadirin Ahli Jum'ah!
Bahaya anu ditimbulkeun tina hasud diantarana:
1. Bakal nimbulkeun mumusuhan, papaseaan anu matak ngaruksak kana ukhuwah Islamiyah,siling pikangewa diantara sasama, anu temahna bakal jadi bahaya kana katengtreman jeung kasalametan umat.
2. Bakal ngancurkeun sakabeh kahadean anu geus dibangun, ditata, dibebenah dihade-hade, saperti nu kakuping jeung katingali ku urang ayeuna, ampir di tiap-tiap kota ayana pengrusakan, pembakaran jeung pembunuhan. Kukituna Rosululloh ngelingan dina haditsna anu dir4wayatkeun ku Abu Dawud:
إياكم والحسد فإن الحسد يأكل حسنات كما تأكل النار الحطب
Hartosna:"Kudu sieun aranjeun ku hasud, maka saenyana hasud ngaruksak kana pirang-pirang kahadean, saperti ngadurukna seuneu kana suluh garing".
Urang parantos pada terang yen hasud teh kaasup sifat iblis jeung syetan, kukituna wajib keur urang ngajauhan eta sifat, sangkan teu kaasup golonganana, ku jalan:
1. Syukuran kana ni'mat ti Allah.
2. Ulah sok ngabandingkeun diri ka batur dina kakayaan.
3. Muhasabah, aku ku diri yen hasud teh gede bahayana.
4. Resep jeung cinta kana kahadean.
5. Ngadu'a ka Allah, mugi-mugi diri diraksa tina sifat hasud, keuheul jeung ngewa ka batur.
Pamungkas, mangga urang sami-sami usaha miceun hasud, hiri dengki ti diri masing-masing, pikeun kasalametan diri, bangsa katut nagara.
بارك الله لي ولكم