Sabtu, 07 Mei 2011

سورة الفجر

و الفجر
1. Demi fajar,
Numutkeun tafsir Jalalain, di dieu Allah sumpah ku fajar anu terbit dina tiap dinten. Ari nu disebat fajar nyaeta sumebarna cahaya panonpoe di langit beh wetan, sateuacan terbitna panonpoe, nyaeta nalika panonpoe masih 18 derajat di bawah ufuk, malah di urang mah 20 derajat di bawah ufuk ge tos fajar.
Dina ieu waktos urang sadaya diwajibkeun midamel salahsawios shalat fardu, nyaeta shalat Subuh. Numutkeun para ulama, shalat anu paling utama nyaeta shalat Subuh anu dilaksanakeun bari berjamaah di masjid.
Kalihna ti eta, fajar ngarupikeun akhir wengi, awal siang. Nya dina waktos siang urang sok kasab ikhtiar milari rizki. Dina milari rizki ieu, urang kedah gaduh paniatan lain ngan wungkul kanggo bekel di dunya, tapi kasab urang oge sing jadi bekel kanggo ka akherat, nyaeta kucara kasabna kedah sesuai sareng aturan Allah, teras niatna karana Allah, atuh hasil kasabna ditasharrufkeun kanggo ibadah ka Allah.
و ليال عشر
2. Jeung demi pirang-pirang peuting nu sapuluh,
Numutkeun tafsir Jalalain, peuting nu sapuluh di dieu nyaeta tanggal sapuluh Dzulhijah, margi ieu weungi ngarupikeun wengi anu agung. Sedengkeun, numutkeun sapalih ulama, Allah, upami sumpah, sok nganggo perkara anu agung, anu peryogi diperhatoskeun.
Aya oge nu nafsiran peuting nu sapuluh di dieu nyaeta sapuluh wengi nu akhir tina sasih Ramadhan, margi aya lailatul qadar. Diriwayatkeun, Rasulullah SAW. dina eta waktos, sok ngalaksanakeun i'tikaf, ngahirup-hirup eta wengi ku ibadah ka Allah.
Mugi-mugi, urang sadaya sing dipanjangkeun yuswa, sing dugi ka sasih Ramadhan deui, sarta mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeun ibadah nyaketkeun diri ka Allah, Amiin.
Sajabi ti eta, aya deui sapalih ulama anu nafsiran ieu wengi nu sapuluh teh nyaeta sapuluh wengi pertengahan tiap-tiap sasih, sapertos dina tafsir Al-Misbah (Dr. M. Quraish Shihab M.A.). Margi dina ieu wengi, bulan tos katingali caang, sahingga aya kesesuain antara sumpah Allah dina ayat 1,nyaeta 'Demi Fajar', sareng sumpah nu ieu. Kesesuaiannana nyaeta sami-sami ngagambarkeun kasingrayna poekna peuting.
و الشفع و الوتر
3. Demi nu jejeg jeung nu ganjil,
Numutkeun sapalih ulama, nu jejeg di dieu, anu pasang-pasangan, nyaeta makhluk. Allah ngadawuh: و من كل شيء خلقنا زوجين
'Jeung tina saban-saban perkara Kami geus nyiptakeun pasang-pasangan'.
Sapertos, aya kafir aya iman, aya pituduh aya kasasaran, aya bagja aya cilaka, aya peuting aya beurang, aya bumi aya langit, aya darat aya laut jeung sajabina.
Sedengkeun nu ganjil, anu tunggal, nyaeta Allah SWT.
Aya oge nu nafsiran, nu jejeg, tegesna nu pasang-pasangan teh sifat makhluk, sabab makhluk mah, sok hirup sok maot, aya kalana jagjag aya kalana apes, aya kalana uninga aya kalana bodo jeung saterasna. Sedengkeun nu ganjil, tegesna nu tunggal, eta sifat-sifat Allah. Allah mah nu hirup moal maot, kawasa moal apes, uninga moal bodo jeung saterasna.
Ieu ayat oge tiasa ditafsiran, tanggal jejeg sareng tanggal ganjil. Margi, tina gunta-gantina siang sareng wengi nu ditandai ku fajar, oge peredaran bulan, anu dina tiap sapuluh dinten pertengahan sasih sok katingali caang, manusa tiasa ngadamel perhitungan penanggalan.


Majlis Ta'lim
Senen, 28 Jumadil Ula 1432